Kategori SMP
DU’A
Risnawati
Gusti,
Kongkorongan ieu haté
ku borélakna siki tasbé
jeung dzikir na unggal lilir
sangkan teu bisaeun mungkir
kana hakékatna takdir
Gusti,
céboran ieu rasa
ku weningna ayat Qur’an
jeung luhurna darajat iman
sangkan ajeg na tangtungan
muntang ka Anjeun Nu Maha Héman
Gusti,
papaésan ieu raga
ku éndahna ahlak mulya
jeung léngkah nu ngawirahma
sangkan diasih sasama
sangkan hirup nyanding bagja
Gusti,
ieu haté, ieu rasa, ieu raga
kuring teu ngaboga-boga.
PILAR JAPATI
Wing Kardjo
Pasosoré japati ngajajar na pilar
Kalangkangna ragrag ka lemah: lapang
Ah, kamerdikaan téh lain deui jungjunan
Mun hirup saukur nunggu pangawur.
Pasosoré kalangkang ngarandung wuyung
Jangjangna beurat rék hiber
Ngaruyung na pilar-pilar pamager
Jadi hirup piaraan.
Japati kaleungitan langit
Peujitna pilar
Kabébasan, kasieun modar.
Japati ngajajar na pilar
Nunggu pangawur
Lenggut nundutan, kajongjonan.
PRABU MANDURA TAPA
Surachman RM
dina iuh-iuh areuy suku curug
luhung menekung ngagulung hiji tuju
keprul banyu nyimbeuhan nu tapa
guruh sumawur ngasor swara kurusétra
bongan ngagem langgala ngabahya dunya
dipencilkeun ku krisna wisnubatara
dina iuh-iuh areuy suku curug
binih weléh teu jadi terus ditunggu
jauh ka hangru médan danalaga
guruh bitotama kadéséh ku cai nutug
geura lugay ti patapan hé terah yadu!
pinasti kagét ku balukar nu hébat
murang-maring kaporotan jurit
bongan katipu ku déwa
ageman taya gunana
*1956
HUJAN SASIH MULUD
Chye Retty Isnendes
Ya Nabi Salam Alaika
Ya Rasul Salam Alaika
Ya Habib Salam Alaika
Hujan maseuhan tetelar sasih Mulud
keclakna ninggang daun ninggang tangkal
nyerep kana akar randakah kembang jeung buah
Ku lucu hujan. Jadi cukang nepungkeun lawung
implengan urang. Sasih Mulud latar ngareuyna
pucuk harepan. Alam dunya ngampar héjo
satungtung deuleu. Katengtreman surgawi
ngalingkupkeun sora insan jadi pireu
Tinghariung tengahing hujan sasih Mulud
budalan ritual ngapungkeun pinuh pamuji
Doa-doa nu dititipkeun abdi sadaya kana
daun-daun nu dicalikan para malaikat nu
nyandak harepan ka payuneun Gusti
Ya Nabi Salam Alaika
Ya Rasul Salam Alaika
Ya Habib Salam Alaika
Hujan maseuhan tetelar sasih Mulud
Keclakna ninggang ambung ninggang raray
nyerep kana palay randakah ihsan jeung sa’ah
: Ya Muhammad
Shalawatullah Alaika…
SUNDA
Éddy D. Iskandar
( keur Rahmat M Sas Karana)
Pancuran, pancuran kula
walungan, walungan kula
lautan-lautan kula
cikahuripan
awaking
Tanggal bagja tangkal tengtrem
daun hirup daun hurip
sawah deudeuh sawah nyaah
sukma waluya
ngajega
Taneuh maneuh taneuh galeuh
jeg ajeg tohaga raga
dicangcang ku sora degung
ditenung ku sora degung
diélingan cianjuran
hung ahung
nganteng na jajantung
ÉSIH NGADU’A
Darpan Ariawinangun
Ésih ngadu’a sangkan indung bapana léah
Daék ngawinkeun manéhna ka Otong tukang lisah
Lantaran Otong geus ngirim surat rusiah
Anu unina singget pisan
Terus terang Otong terang terus
Ésih nyuhunkeun hampura ka Gusti
Lantaran geus ngalamun katalanjuran
Nyipta Otong nunungtun domba
Diiring-iring mentri Kabinét Gotong Singa
Rék sésérahan tuluy ngawin Ésih kakasih satia
Tapi bet aya spanduk ageung pisan
Dukung Otong, calon bupati siap korupsi
Ésih sumegruk ka Gusti
Bari nganaha-naha jeung teu ngarti
Naha Otong hésé akur jeung calon mitoha
Padahal Otong lalaki jeung Ésih awéwé
Kawas Adam jeung Hawa nu dilungsurkeun ka dunya
Bari teu dibekelan brosur keluarga berencana
Ésih sumegruk: piraku Gusti julig ati!
*2004
SAJAK BAJIDORAN
Étty RS
Gitek saha nu miteskeun dahan angen
dina ketak nu teu nyampak tepak kendang
basa lagu dikungkung laras, bet nguniang
wawanén ngamaénkeun nu disengker kahéngkér
‘na gumuruh gamelan nu ditalikung wiletan
‘na saha nu ngaheumpeungkeun sora goong
‘na saha nu madakeun lagu silung
lebar temen mun ringkang tinggal dangiang
bongan ibing dipirig gending teu manjing
aya laras katambias ‘na ulekan
ulekan kateuyakinan kana kaluhungan ciciptan
Geus mangsana urang ngababakan
dina cangkingan budaya nu pinuh tangtungan
*Bandung, Oktober 2003
Tingkat SMA
SITUS NAGRI LAYUNG
Godi Suwarna
dina hiji soré, sanggeus ringkang gararing digarang beurang
geuning anjog kalangkangna ka lawang leuweung karamat
létah nu karasa hangit ukur ngelun ngalisankeun sampurasun
dirampésan ku séah sora turaés, dihiap-hiap tonggérét
lalaunan rérégan mimiti peuray tina kalbu nu ngabatu
nincak lawang sakéténgna asa hanjat kana umpakan halimun
sirah ngebul; aksara jeung angka-angka, ringkang mojang,
sajak nu tacan parat dirumat, séwu rusiah nu teu kateguh,
sesebitan kayakinan, jadi saab tingkalayang tina tarang
kaseuseup ku rénghap daun, namper jadi bukur jempling
ngaligincing ngukur kujur tengahing dingding kakayon
jangkung mana tungtung hulu nu kungsi nyuhun purnama
jeung pucuk-pucuk kadaka nu antaré nyusud imut panopoé
geuning beuheung bet koropok balas nananggeuy babatok
nu beurat da leuwih rembet alahbatan sahunyudan alimusa
cunduk ka puseuring leuweung kagembang jumblengan waktu
kapireng kawih bihari gumalindeng ngaludang sakur katineung;
ngukir-ngukir kalakay katut sirungna, natah batu jeung lukutna,
nyusun ruruntuhan angin, nangtungkeun catang jeung pangpung,
ngajanggélék jadi hiji nagri agréng pangimpungan gebur layung
MUN CATETAN TEU SAUKUR CATETAN
; waruga kayas
Nita Widiati Éfsa
Naha salah mun panineungan tigin nganteng ka anjeun?
Mun harepan masih ngagurat jeroeun kalbu?
Sanajan mangrewu kapinis sayaga nadah hujan badag
Sarta katumbiri salawasna mucunghul di tutugan gunung
Naha salah mun wirahma deudeuh masih ngagalindeng?
Mun ulat kanyaah tembres tujulna ka anjeun?
Pias matapoé kasawur hujan. Saciwit kapeurih nurih batin
Basa caah cimata ngamuara di wahangan asih nu ngolétrak
Naha salah mun potrét asih ngawujud diri ngawujud salira?
Mun cungkedang matapoé ngaguligahkeun rasa kahéman nu beuki kandel
Sanajan katiga ngawasa dina batin poé, lemah haté ngahgar
Sarta cikahuripan medal tina sela cadas
Naha salah mun panempo masih ngajajantung di anjeun?
Mun ambekan salawasna tuturubun napak tilas cahya
Nu sumirat medar kasimpé angin
Cita-cita jeung kahayang saukur kembeng mata nu teu waé bedah
*2006
DINA ANGKOT
Ibnu Hijar Afandi
/1/
Pacaket tapi teu ngobrol,
Papayun-payun bet teu imut,
Boa manah mah galécok,
Teu sawios,
Urang silih paok waé teuteup,
Da kapan bénten tujuan
Unggah henteu sasarengan
/2/
Nyemprung mobil jeung lamunan
Sapikiran sapikiran
Satujuan séwang-séwang
Eureun deui laju deui
Jrat jrut panumpang turun
Nu nyésa kari duaan
/3/
Anteng bangun sapikiran
Tambah pogot ku galécok
Maling tempo beuki nyoso
Hanjakal bet teu werat pok
Pada kemba ku carita
nyidem dina jero angen
/4/
Reg, mobil ngarandeg
Batur catur na lamunan lungsur
Sapaneuteup ngilu turun
Dianteur ku juru panon
Parat jajap ka sisi jalan
/5/
Lenyap manah nu jajap
Nu lungsur bet ngantun rindat
Sakiceup diadu teuteup
Hanjakal ngan sajorélat
*Januari 2010
RIWAYAT HIJI LEMBUR
Nazaruddin Azhar
ieu lembur diwangun sanggeus durukan pareum
lebah pasir nu sumerah jadi lahan pasaréan
tatangkalan ajeg, solokan nyalingker hening
kuda-kuda dangah nyeuseup hawa sampalan
nu nyambuang ti landeuheun
maranéhna ninggal kolébat cahaya na daun séréh
pucuk salam, iwung awi konéng, jeung tapak hujan
dua-tilu urang ti antara salapan kamulyaan
ngagurat lemah ku kujang
saguliweng bulan turun mapay haseup parukuyan
tilu béntang gumenclang dina tayung juru tilu
“sang guriang tunggal di mandala bale agung
tarima pangbakti kami…”
kidung usum nungkus talun
aweuhan manjang na pantun
pétak-pétak huma jeung layung
pasemon nu sarwa gandrung
lajuning cahaya
réwuan sumbu patumbu hurung
riwayat dicatet sora
nyipta raratan carita
anjog kana jentréng panungtun
kadeudeuh ki juru pantun
“ieu kota diwangun
……….
tapi hamo bisa nyirnakeun
carita fana nu cikénéh dicaturkeun…”
*2009
MIKUNG
Soni Farid Maulana
amparan halimun teuing di mana watesna
teu kasorang ku léngkah nu kandeg
di lamping kebon entéh nu simpé lir pajaratan
sora manuk sésélékét ngeundeuk-ngeundeuk pasir
di dieu, ci ibun jeung ci reumis natah aksara jempling
na rupaning dangdaunan dibarung angin ngahiliwir
sakedapan kapireng nyuaykeun rambut salira
nu seungit kembang malati disangkéh deungeun.
dina régang-régang tangkal entéh kasampak
tangtungan sorangan: teu béda ti reungit begang
ngerejet kajiret ramat lancah, ngalempréh teu walakaya
ditiruk nasib peteng. Sedeng anjeun teuing di mana,
sab nu ngajega hareupeun irung ukur batu pasir nu lukutan
nu pasrah dicium hujan ogé pasrah ditigas bengis matapoé
*2005
MAD HALIL
Yus Rusyana
Saha nu wani ngalalakian Mad Halil
Bedul jadug nu geus garung
Ku bedog geus atah adol
Saha nu kakunang-kunang cara Mad Halil
Nu geus mopok tuan kontrak
Dicangkalak kalah galak
Mad Halil si jadil
Si jago si jadol
Cadu aing deuleu mun sieun ku kapir bulé!
Mad Halil bakéro
Ku Jepang diuber-uber teu beunang
Wah pék baé bénjol
Cadu aing deuleu mun sieun ku kapir katé!
Jaman révolusi Mad Halil asup pasukan
Der barudak, déwék gé siap jero barisan
Mad Halil si jadil
Si jago si jadol
Ali jendil nyekel bedil
Sabiluloh dak!
Mad Halil si jadil
Si jago si jadol
Gempur dak, gempur!
Tah caduk aing hakaneun sia anjing nika!
Patroli mana nu teu sowak ngadéngé ngaran Mad Halil
Mad Halil godperdom!
Ku pélor gé henteu kojor!
Hayoh dak
Engké ku déwék dipangmetingkeun widadari nu jekékan
Da déwék mah geus ompong geus teu teurak nyetrok térong
Mad Halil jenatna Mad Halil
Beunang ku patroli di Cibarégbég
Awakna dipancir ku tangkal sélong
Ditémbak lebah elak-elakanana
Jedar!
Euak, cuah!
Haramjadah!
*Pameungpeuk, 2 Agustus 1963
KUKUPU: JUNGJUNAN TEU GEURA SUMPING
Dian Héndrayana
Sumping deui kukupu gegeleberan. Cara sasari, nepangan téh
Bangun nu kedah baé muru wengi. Lah, da tos kajudi barina gé,
Enung. Moal teu kebek ku iber perkawis salira nu tangtosna
Sami nuju anteng mikangen.
“Geutah téh teuing ku cepel, Engkang, da kageugeut geuningan
nambihan bae,” kitu nu katampi tina rindatna soca kukupu.
Dilelekan ti awit sumping tug dugi kana sababaraha kali eunteup
Lebah rérégan, bet kukupu taya reureuhna hariweusweus nalatahan
Séwuning kakangen salira Enung, “Katampi, Jungjunan, éstu katampi.”
Bet kalah sumping angin peuting ngahiliwir. Ngeleterkeun rérégan
Sina anteng ririaban. Laju kapireng soanten Enung ngagentraan ti
Buruan. Dituturkeun ku lelembutan, paneuteup geus miheulaan eunteup
Na’ rérégan, “Kutan, naha ka mana ilangna kukupu nu bieu datang?”
Bet rérégan kalah anteng ririaban
*Pébruari 2003
Kategori Umum
Sajak Grand Prix
Godi Suwarna
Nincak gas sataker kebek mobil sport ngagerung mangprung rék
ngudag jorélat waktu da startna kapandeurian. Ah, tangtu kasusud
tapakna, ceuk hate anjeun harita. Jalan lempeng, jalan nanjak,
pungkal-péngkol kénca katuhueun jungkrang. Sakiceup demi
sakiceup tihang bulan tihang taun diliwatan. Ti saban-saban
simpangan mobil deungeun milu nyemprung di sirkuit pada-pada teu
hayang kapandeurian. “I can’t get no satisfaction!” sora kasét
gumuruh nyasaak langit, ngendag-ngendag dungus mangsa.
Gumuruh manglaksa mobil haseup knalpot ngeput jagat. Anjeun kudu
nabrak deungeun tinimbang ditabrak batur. Nu nyakakak, nu jumerit
mecut niat hayang gancang nyiap waktu nu can témbong kelemengna:
“Boa sapéngkolan deui!” omong anjeun sabot setir guwar-giwer: “Boa
di itu pépéngkolan!” ceuk nu séjén bari hantem silih sénggol. Dina hiji
mangsa: anjok anjeun jeung nu séjén méh bareung ka garis finish;
persis di jero kuburan tuluy nampa piala tetenggeur batu!
*Tina Galura, 1991
Sagagang Simpé
Dédén Abdul Aziz
1
dinda,
geuning simpéna haté leuwih motah tibatan lalambar kecap
marakbak lir kembang anu neba dina lahunan
dina galeuh nu mana, dina deudeuh anu saha
urang bisa silih injeuman kamelang
basa salira silanglang dina héhérang cimata, ieu rasa
bet anteng nyidem kakeueung
lalakon urang nyurup wirahma kacapi nu ngabetrik tarik pureutna
naha enya urang geus nimu inang nu racleng tina waditra haté?
2
dinda,
geuning gumuruhna kecap ngan nepi kana tungtung rénghap
aya nu gumulung tapi teu bisa betus
aya nu ngalangkang tapi teu wasa kedal
aya nu seja mikamelang ngan kasilih ku anggang
basa mamaras ngaraas sagara rasa
haté mah pinuh ku karumasa
keun, sagagang simpé nanceb na jajantung beulah kénca
tawis soca ngan keur anjeun nyalira
*Bandung 1995
Orkés Malayu
Godi Suwarna
“Mabuk lagi, ah! Mabuk lagi! Sound systemna réwuan watt handaruan
ngeundeuk-ngeundeuk lamping lening, ngusak-ngasik jagat jempling
di wewengkon nu suwung na peta dunya. Jelemana reureundeuhan
kasetrum bujur buleneng harisma si Béntang Panggung. Sanggeus
kitu ngagorowok mimbar gading nu nyengceling dina méga: “Lembur
subur! Nagri urang duraring durang durirang!” Sora mimbar dipapag
gumuruh pabrik awor jeung jerit walungan nu awor reujeung
warangan. Tina mimbar murudul botol cap Motor nyawér sakur nu
ngahaja dipentrang diperih linglung. Sabab sarwa halabhab raga
jeung sukma, maréwu-réwu manusa silih sogot parebut
regot-regoteun. “Mabuk lagi ah! Mabuk lagi!” Béntang Panggung
gual-géol. Jalma-jalma tingrampéol. Botol demi botol kosong. Mimbar
gading mabok aroma alkohol, kapireng tarik nyorowok: “Sora mimbar
dipungkas kocéak leuweung nu direcah sihung gurun. Tina mimbar nu
ngempur na méga malang ngaburusut pirang-pirang kupon lotré.
Mangréwu lot, mangjuta gebray impian. “Mabuk lagi ah! Mabuk lagi!”
Béntang Panggung muka baju muka kutang. Bréh. Impian
sabeuleugeunjeur atra teu disumput-sumput. Silih rewég jelema nu
parebut kupon. Mangpirang-pirang jelema ngaracung-racung impian
tingpolotot nyiar kode ti nu ningkah sataranjang; tina soca, tina
lambey, tina pinareupna, patuangan, tarambaga, terus, terus, turun ka
liang naraka. Di langit tingkalayang sédan RollRoyce,
gedong-gedong, bank demi bank, saham-saham, hujan rohypnol,
hujan morfhin, hujan duit. “Nunanung! Dudading! Duraring durang
durirang! “Mimbar gading kakawihan.
*Kotakidul 92
Galura No. 16, tahun ka-4, Minggu III, Juli 1992
Carita Sedih Bulan Oktober
Ajatrohaédi
I
Para pahlawan révolusi
Kiwari anjeun miheulaan kuring saréréa
mulang ka Anjeuna
lantaran pitnah jeung panghina
nu ku maranéhna ditibankeun
ka aranjeun
ka kuring saréréa
ka urang saréréa
Aranjeun nyaho, adi-adi
pitnah téh leuwih jahat manan maéhan
Tuluy, naon pingaraneunana
mun nu ku maranéhna dijalankeun
ka aranjeun
nyaéta pitnah, panghina jeung maéhan?
Diantara sadaya ummat’Na
saha nu bakal leuwih nyaho
hal aranjeun
salian ti kuring, lanceuk aranjeun nu pangkolotna?
Tapi maranéhna geus ngalakukeun pitnah
ngahina jeung rajapati
ka aranjeun saréréa
Di dieu, kuring saréréa nu ku aranjeun ditinggalkeun
ngaleupaskeun aranjeun dibarung ku rasa sedih
haté nu ngangres
Tapi
tetep, aranjeun diiklaskeun miang
lantaran nya ieu nu ges ditetepkeun ku Anjeunna
Cimata nu dikeclakkeun
inghak nu teu di haja
teu sagemblengna ngawakilan
rasa sedih, peurih jeung ngangres haté kuring saréréa
Sarta kiwari
bral anjeun miang sing ayem
mugi-mugi Anjeunna keresaeun nampi aranjeun mulang
ku sakabéh rahmat jeung pangampura
lantaran tungtungna
mung Anjeunna Panglima Nu Pangluhurna
ti Aranjeun sakabéh
Pileuleuyan
adi-adi sakabéh
II
Duh Gusti
hapunteun sadaya kakirangan maranéhna
adi-adi nu dipicinta
sarta nampi di gédéngeun Anjeun
seperti Anjeun tos nampi sadaya ummat
nu pasrah diri kana sagala rupi kagungan Anjeun
Ogé mugi ngahapunteun ka abdi sadaya
tina tina sagala rupi kalepatan sareng kakirangan
dina enggoning ngangken ummat Anjeun
salila maranéhna aya ditengah-tengah kuring saréréa
sarta
awurkeun rahmat anjeun
tur kuatkeun tekad kuring saréréa
dina enggoning ngjalankeun tugas
pikeun lemah cai, rahayat katut révolusi
kalayan asma Gusti
(tina ucap pileleuyan Jéndral Dr. AH Nasution waktu ngurebkeun
7 pahlawan révolusi ping 5 Oktober 1965)
*tina Majalah Sunda, No. 33, taun 1965
Kota Kosta
Darpan
Teu bosen nganjangan kota sapanjang usum kulawu
ngoréhan ungkara cinta nu basi ku wanci
patung-patung nu satia nuguran waktu, gang gagu
ngarékam unggal obrolan nu lugay bareng jeung angin
lalampahan jadi skétsa dina témbok kota nu sepa
taya nu maliré. sepi. kota salawasna kosta keur kasatiaan
nu bingbang, pikeun haté nu langgeng ngeukeup halimun
kecap kemba pasoléngkrah jadi panineungan
nu nyarampay dina palang pituduh jalan
– kasatiaan urang batu nyidem usum jeung beku
jam demi jam lunta sabot anteng nyiar kabetah
urang haben melak asih sapanjang lulurung usum
di lamping-lamping kota nu hangru, di palataran peuting
di unggal péngkolan nu nyambuangkeun seungit anggur
jam deui jam deui. haté demi haté. di iwat poé
– kasatiaan urang heulang, leungiteun kalangkang
Lalampahan jadi kuburan jeung catetan dina tetengger
catetan sepi nu langgeng. sabot leumpang
sabot kota ngumbar napsu dina gincu jeung parpum
impian urang katélér-télér dina émpér peuting
kota angger gugupay keur takdir nu kaanginkeun
jadi bab dina sajarah panjang cinta nu katalimbeng
sora batin numpuk jadi potrét nasib nu pireu
kawas pilar wates kota nu tigin nyidem rusiah langit
buni nyumputkeun rupaning rasa ngarasula
– kasatiaan urang batu, teger ngurungan waktu
kota jeung lalampahan papada kosta keur cinta
langgeng ngalalana
*1998
Jantung-Jantung Nu Jarogéd
Ériyandi Budiman
Di kota-kota nu jajantungna digunasika ku haté-haté nu midua,
rébuan jalma oray-orayan mapay aspal, luar léor ngagaur-gaur
mesin, nyuhun harepan bari garogonjakan. Tos lami
nyidem cisoca dina raraheut manah. Kadungsang-dungsang
dina sagara karinget.
Mangka mangsa aya pésta adu massa, jantung-jantung nu
marudah dumadak oyag ngabedahkeun kacinta, éndag-endagan
mapaés dangdut, music house, sareng kasidah,
jarogéd luhureun treuk na amparan jalan dugi ka pom bénsin.
“Abdi janten rakyat deui!” saur pangsiunan bari niir wanci
énjing sareng sonten, sanaos mingkin hideung lestreng.
“Itung-itung mopohokeun hutang!” Gakgak nu jarogéd silih
simbeuh kabungah bari nurihan poster: Jangan Ada Dusta
Diantara Kita, dugi ka- Dengan niat Ibadah Kita Hijrah.
Dina kampanye, karinget gé tiasa baé janten seuneu. Mangka
sapanjang trotoar rabeng és lilin ditéma solawat, sangkan
teu aya urat-urat jaranten kawat, nyidem orat dina lemahna
pituin.
Namung, mungguhing dodoja aya waé lauk buruk ngiring
tutubruk, mijah ngagadabah nu niat ibadah ngaduruk jantung-
jantung nu sabil janteun bedil, batu sareng silalatu nu nyeuneu
kabendu.
*1997
PERUGIA
Acép Zamzam Noor
Kakeueung nu lawas namper jadi tihang-tihang
Mangréwu tihang pualam nanjeur tina sungapan simpé
Nyuhun gedong-gedong nu tembokna karadak jeung
rohang-rohangna
Nyangkeredong. Gedong-gedong diwangun tina rorongkong waktu
Bugang-bugang taun jeung pakewuhna abad demi abad
Jadi kotak-kotak nu sakabéh pantona nukangan srangéngé
“Di dieu srangéngé salawasna muyudun jeung tatangkalan
tinggal régang”
Tapi taman-taman terus dipedar teuteup bulan
Saban soré béntang-béntang maruragan kawas daun
Cahayana disedot torowongan jeung lampu-lampu
Isuk-isuk barudak tuturubun néangan srangéngé anyar
Dina ruruntuhan. Kolot-kolot ngaduk halimun jadi babatang
Mager patung-patung, réliéf jeung palang salib
Tina séahna angin tiris nu geus jadi kecap sarta ucapan
Mangsa. “Sanajan ukur kakayon nu oyong-oyongan”
Aya manuk japati baloboran getih dina tétécéan
Hiji kuil. Sora loncéng ngeundeuk-ngeundeuk dayeuh buhun
Jalan-jalan batu pajeujeut jeung léngkah jaman nu kasarung
Awéwé-awéwé marasang kukupu dina beuheung, lalaki-lalakina
Narungtun anjing. Naon nu terus dipedar bulan sapanjang jempling
Digeterkeun rangasu béntang kana tungtung régang tatangkalan
“Horéng isarah pamungkas ngeunaan garis cahya nu méh laas
Saméméh sagalana tilem jeung aweuhan tinggal lamping”
*Perugia 1992
Anda harus log masuk untuk menerbitkan komentar.